POE BAHASA INDUNG INTERNASIONAL

Pagelaran drama Basa Sunda “Para Inohong Dongeng” naskah/sutradara Septian Mahatir, garapan Sanghyang-Saung Sastra Lembang dina raraga mieling Poe Basa Indung Internasional, Saptu, 19/2/17

 

Kailhaman nu Urang Bangla di Pakistan WétanTanggal 21 PéEbruari dipiéling poé basa indung internasional (mother tongea). Ditetepkeun ku UNESCO, badan dunia widang atikan jeung kabudayaan, dumasar kana usulan urang Bengali nu tadina ngahiji jeung Pakistan. Urang Bengali boga nagara sorangan, anu pangjurungna di antarana alatan mibanda basa étnik nu masih kénéh hirup.

 

BUDAYA, kaasup basa, boga kakuatan rohaka keur ngahontal udagan pulitik. Urang Bangla (Bengali) séké sélér (étnis) nu dumuk di nagara Bangladés, taun 1952 bisa ngabuktikeun budaya bisa dipaké ngagedurkeun sumanget pikeun bajuang ngahontal kamerdékaan. Lima taun bajuang, urang Bangla ahirna bisa jadi bangsa nu merdéka. Tanah urang Bangla, kungsi jadi bagéan nagara Pakistan. Urang Bangla teu bisa laluasa maké jeung mekarkeun budayana sorangan, kaasup dina basa. Basa Bangla disengker, teu dimenangkeun digunakeun. Dina komunikasi sapopoé, urang Bangla ulah maké basa indungna. Ku pamaréntah Pakistan anu ditetepkeun jadi basa nasional téh basa Urdu.

Maksud pamaréntah Pakistan sangkan urang Bangla poho kana banda budayana sorangan jeung kana jati dirina. Basa téh cicirén hiji bangsa. Ku teu tara dipaké, Pakistan ngaharepkeun lila-lila urang Bangla bakal poho dirina téh béda jeung urang Pakistan. Mun geus kitu, kahayang misahkeun manéh atawa merdéka bakal pareum sorangan.

 

Démontrasi di Universitas Dhaka

 

Dina kanyataanana tétéla henteu kitu. Urang Bangla dijejeran ku mahasiswa, di Tugu Marthir nu pernahna di Universitas Dhaka, tanggal 21 Pébruari 1952, meredih sangkan basa Bengali dijadikeun basa nasional. Urang Bengali teu narima, pamaréntah Pakistan netepkeun basa Urdu, basa étnik urang Urdu, dijadikeun hiji-hijina basa nasional. Harita, mahasiswa lima urang tiwas alatan ditémbak ku pulisi, jeung réa nu tatu. Pamaréntah Pakistan ahirna nyatujuan kana pamaredih urang Bangla nu nyicingan Pakistan beulah wétan. Ku pamaréntah Pakistan, basa Bangla dijadikeun basa nasional, kawas basa Urdu. Tina kituna, Pakistan téh mibanda dua basa nasional: basa Urdu jeung bangsa Bangla.

 

Najan pamareding geus disatujuan ku pamaréntah Pakistan, unggal tanggal 21 Pébruari, urang Bangla angger ngarumpul di Tugu Marthir. Anu diperedihna ayeuna mah lain hayang diakuna basa Bangla ku pamaréntah Pakistan, tapi hayang misah ti Pakistan, lantaran ngarasa séké sélér, budayana, béda jeung bangas Urdu nu keur cumarita di Pakistan.

 

Taun 1971 tanggal 29 Maret, sanggeus bajuang sakitua lilana, urang Bangla akhirna misah ti Pakistan sarta ngadegkeun nagara sorangan, nagara Bangladésh, nu hartina tanah urang Bangla. Antara tanah bangsa Urdu, di Pakistan Kulon jeung tanah bangsa Bangla, di Pakistan Wétan, dipisahkeun ku wewengkon nu kabawah ka nagara India.

 

Lahirna Poé Basa Indung Internasional

 

Duapuluh lima taun ngadeg nagara Bangladésh, taun 1996, dua urang Bangladésh, dirojong ku sababara urang ti nagara séjén, ngusulkeun ka PBB sangkan tanggal 21 Pébruari dijadikeun poé basa indung internasional. Dina sidang Umum UNESCO tahun 1999, usulanana téh ditarima. Tanggal 17 Pébruari 1999, UNESCO netepkeun tanggal 21 Pébruari jadi Hari Bahasa Ibu Internasional.

 

UNESCO ngahariwangkeun pisan basa indung hiji mangsa mah bakal musnah. Kanyataan nuduhkeun, nu maraké basa indungna beuki dieu beuki ngurangan, kadeseh ku basa Nasional jeung ku basa Internasional. Masarakat mandang asa teu perlu jeung teu penting kudu bisa basa indung teh. Anu payu dina pakumbuhan nu leuwih lega mah basa nasional jeung internasional.Dumasar panalungtikan David Crystal sarta ditulis dina buku Language Death (Kematian Bahasa), dina jero saratus taun ka hareup, tina 6.000-an basa nu aya di dunya kiwari nu masih kénéh dipaké, diperkirakeun 50 tepi ka 90 persén bakal musna. Ngandung harti, dina taun 2100 nu ngari 600 basa indung, nu séjénna mah geus kari ngaran. Dina édisi katilu Atlas of The World’s Languages in Danger nu digelar ku UNESCO, diebutkeun di dunya kiwari aya 2.500 basa indung keur nujul kana kamusnahan lantaran mimiti ditaringgalkeun ku séké sélérna sorangan jeung geus henteu dipaliré deui. Ari di Indonésia, aya 147 basa indung nu kaancam tumpur téh, kaasup basa Sunda jeung basa Jawa.

 

Teu sarua

 

Béh dieu masarakat dunya sadar basa indung (mother tongué) henteu idéntik jeung basa séké sélér, basa daérah, atawa basa étnik. Anu disebut basa indung téh basa nu pangmimitina dipikanyaho jeung digunakeun ku hiji jalma, ari basa daérah atawa basa séké sélér, basa nu ngan ukur digunakeun ku hiji séké sélér, henteu dipaké ku séké sélér séjén. Di Bangladésh mémang basa indung téh idéntik jeung basa séké sélér, komo deui basa Bengali dijadikeun basa nasional. Di urang mah béda deui, lantaran basa nasionalna teu maké basa séké sélér, tapi maké basa Melayu. Eta sababna, barudak di masarakat Sunda, kaasup di padésaan, lain ukur di pakotaan, loba nu basa indungna basa Indonésia, lain basa Sunda. Ku kituna, kuduna, nu merenah jeung pas mah, basa séké sélér, basa étnik, lain basa indung. Sababaraha nagara geus ngusulkeun ka UNESCO sangkan istilah Hari Bahasa Ibu (mother tongue) diganti ku istilah basa étnik, étnic tongue, lantaran anu diperjoangkeun ku urang Bangla diakuna basa étnik urang Bangla, lain basa indung.

Kang Priatna

Kang Priatna adalah Penulis yang banyak menulis dengan bahasa Sunda.

One thought on “POE BAHASA INDUNG INTERNASIONAL”

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

%d bloggers like this: