PRABU WASTUKANCANA : RAJA SUNDA NU HÉMAN KA ALAM

prasasti astana gede kawali (gambar dari google image)

NGARAN Wastukancana paling henteu kapanggih dina tilu prasasti; Prasasti Astana Gedé Kawali (Ciamis), Prasasti Batutulis (Bogor), jeung Prasasti Kabantenan. Dina prasasti nu aya di Astana Gedé Kawali disebut Prabu Raja Wastu, ari dina Prasasti Batutulis jeung dina Prasasti Kebantenan ditulis leuwih lengkep: Rahyang Niskala Wastukancana.

Salian dina tilu prasasti nu minangka sumber sejarah primér, ngeunaan Prabu Wastukancana ogé di antarana diguar dina naskah kuna Carita Parahyangan (CP) jeung dina Pustaka Rajyarajya i Bhumi Nusantara (PRBN). “Ngandung harti Prabu Wastukancana téh bener-bener pakta sejarah,” ceuk Prof. Dr. Sobana Hardjasaputra, guru besar Sejarah di Unpad Bandung.

Prasasti Kawali ngajéntrékeun Prabu Wastukancana téh jadi raja di dayeuh Kawali, ngaran karatonna Surawisésa. Dina Prasasti Kabantenan disebutkeun sanggeus Niskala Wastukancana, nu jadi raja di Kawali téh Ningrat Kancana. Satuluyna Karajaan Sunda dicangking ku Sri Baduga Maharaja, seuweu (anak) Ningrat Kancana, atawa incuna Prabu Wastukancana.

Prof. Ayatrohaédi suwargi, nu keur jumenengna budayawan, arkéolog jeung guru besar di Universitas Indonesia (UI), dumasar sumber-sumber sejarah nu dicukcrukna ngaindentifikasikeun tokoh legendaris Prabu Siliwangi taya lain ti Prabu Wastukancana. Ceuk Prof Ayatrohaédi, Prabu Wastukancana téh raja nu pangluhungna jeung pangmashurna dina sejarah Karajaan Sunda.

*

SANGHYANG apa(h), teja, bayu, akasa, sangbu enak-enak ngalu(ng)guh di sanghiang jagatpalaka…. Kitu di antarana anu ditulis dina naskah kuna Carita Parahyangan (CP) dina lebah ngagambarkeun kapamingpinan Prabu Wastukancana. Cai, cahaya, angin, langit, jeung bumi ngarasa tengtrem aya dina panangtayungan nu ngawasa dunya.

“Émbaran ti CP ieu nu kaakuratan pakta sejarahna geus teu bisa diragukeun deui,  sacara teu langsung ngajéntrékeun Prabu Niskala Wastukancana téh gedé perhatianana ka alam jeung lingkungan, dipiara jeung dijaga sangkan teu ruksak,” ceuk S. Sobirin, ahli lingkungan nu ogé anggota Déwan Pemerhati Kehutanan dan Lingkungan Tatar Sunda (DPKLTS) Bandung.

Cai, cahaya, angin, langit, jeung bumi ngarasa tengtrem ngandung harti di Karajaan Sunda jaman Prabu Wastukancana lima unsur bieu nu penting pisan keur kahirupan tetet méré kahirupan ka masarakat. Cai terus-terusan ngagolontor najan dina usum holodo atuh dina usum hujan henteu ngabalukarkeun musibah; cahaya atau sinar panonpoé tetep sumirat sakumaha sakuduna.

Angin tetep jadi bagéan nu nyampurnakeun kahirupan di alam. Langit tetep nurunkeun hujan jeung jadi patokan babakuna nu aya patalina jeung tatanén. Bumi atawa dunya, tetep jadi tempat kahirupan nu genah jeung tumaninah, boh keur manusa, sasatoan, boh keur tutuwuhan sarta jadi tempat keur tatanén nu subur tepi ka manusa teu kakurangan dahareun.

Ku lantaran alam jeung lingkungan dipiara kalayan hadé, salila Prabu Wastukancana jadi raja (1371-1475), paling henteu ceuk CP, di Karajaan Sunda nu harita puseur dayeuhna di Kawali Ciamis, teu kungsi kajadian musibat alam. Teu kacatur urug, banjir, angin lilimbungan jeung sajabana. “Alam jeung lingkungan dirumat kalayan hadé mémang moal aya bencana,” ceuk Sobirin.

Kakayaan alam di Karajaan Sunda ieu béda jeung di wewengkon Majapahit, Jawa Timur. Runtagna Majapahit diduga lain ngan ukur alatan perang sadulur marebutkeun kakawasaan (Perang Parégrég), tapi ogé alatan mindengna kajadian bencana alam. Dina Pararaton disebutkeun bencana alam di Majapahit téh, di antarana gunung bitu jeung banjir laladeg panas saperti lumpur Lapindo ayeuna.

Aan Merdéka Permana, sastrawan Sunda nu mindeng ngarang carita fiksi nu kasang tukangna sejarah Sunda kungsi ngahuleng waktu aya nu ménta ngarang novel nu settingna Karajaan Sunda jaman Niskala Wastukancana. “Sangkan mincut, dina karangan kudu friksi, ari jaman Wastukancana di Karajaan Sunda taya peristiwa nu matak ngariweuhkeun,” pokna.

Ceuk Aan, dumasar sababaraha sumber sejarah jaman Prabu Wastukancana mémang Karajaan Sunda téh aman, tengtrem, rahayat hirup raharja, taya kahariwang jeung kakeueung. “Kabéh lapisan masyarakat bisa ngalaksanakeun aktivitasna séwang-séwangan luyu jeung pacabakanana. Ti mimiti somahan, tokoh masarakat, ahli agama, jeung sajabana,” ceuk Aan.

Alam jeung lingkungan di Tatar Sunda sangkan bisa méré kahirupan ka manusa lain hartina kudu diéksploitasi bébéakan tepi ka ruksak. “Sabalikna malah, alam jeung lingkungan di Tatar Sunda kudu dipiara, kudu dirumat, kudu dimumulé sakumaha nu dipilampah ku Prabu Wastukancana. Kahirupan manusa masing kumaha ogé teu bisa dipisahkeun jeung alam,” ceuk Sobirin.

Sobirin nyebutkeun anu nyicingan Tatar Sunda kudu ati-ati pisan ka alam. Tatar Sunda diwangun ku pasir jeung gunung nu parentul, gawir-gawirna lalungkawing sarta taneuhna gampang urug. Pangna gampang urug balukar lobana gunung api nu kungsi bitu tepi ka ikatan partikel tanah henteu pati kuat, ditambah ku loba batu nu kaluar tina gunung api.

“Ku kituna tatangkalan diperlukeun pisan supaya taneuhna teu gampang ngagolosor,” ceuk Sobirin. Leuweung di pasir-pasir jeung di gunung-gunung kudu dijaga. Lamping-lampingna  kudu héjo ngémploh, ulah tepi ka bulistir. “Tatangkalan ogé diperlukeun sangkan urang boga tempat nyimpen cai, usum halodo moal tigerat jeung usum hujan teu banjir,” pokna.

Salasahiji eusi Prasasti Kawali, titinggal Prabu Wastukancana, nu dina taun 1980-an kungsi dijadikeun suluk (moto) ku Pémda Kabupatén Ciamis, ditulis dina témbok tapal wates désa jeung kecamatan: pakena gawe rahayu, lain ngan ukur dina   hubungan sasama manusa. Ngalaksanakeun kaalusan (kebajikan) ogé dina lebah  hubungan manusa jeung alam.

Prabu Wastukancana sadar kana kaayaan alam di wewengkon Karajaan Sunda nu perlu dirumat jeung dijaga. Ku kituna, sakumaha nu témbong di masarakat Kanékés (Baduy) di Banten, tata guna lahan bener-bener diatur: mana keur leuweung tutupan (hutan konservasi) nu teu meunang diganggu, mana keur leuweung hutan produksi, mana keur lahan tatanén, jeung mana keur lahan pamukiman.

Dina CP disebutkeun …sang dis(r) enak masini  ngawakan  na munasasasana, ngaduman alas pari alas…: Paradukun kalayan lugina netepkeun perjanjian-perjanjian kalayan ngagunakeun aturan nu aya patalina jeung kahirupan, ngabagi-bagi leuweung luyu jeung tata lahan. “Natrat leuweung téh di perhatikeun pisan,” ceuk  Sobirin.

*

“PRABU Wastukancana téh raja nu mampuh ngajaga kasaimbangan alam jeung mampu ngaharmonikeun alam jeung nu nyicinganana: sasatoan, tuwuh-tuwuhan, jeung manusa. Hasilna, Karajaan Sunda jaman anjeunna ngahontal kajayaan,” ceuk Abah Ugi, sesepuh girang (ketua) Kasepuhan Ciptagelar, Désa Sirnaresmi, Kecamatan Cisolok, Kabupatén Sukabumi.

Abah Ugi nyebutkeun alam téh hiji sistim nu puguh aturanana jeung ngabogaan ugeran (katangtuan) nu kudu dipikanyaho ku manusa. “Supaya teu kajadian bencana alam, ieu sistim ulah diganggu. Kahirupan di alam semésta, di dunya, dina lingkup nu leuwih kecil, di lingkungan urang sorangan, kudu tetep saimbang. Alam kudu tetep dina sistimna,” pokna.

Warga Kasepuhan Ciptagelar nu dipupuhuanana nu geus sababaraha kali pindah –dumasar pituduh wangsit sarta ti bulan Juli 2001 dumuk di Ciptagelar— nyekel pageuh perluna ngajaga sistim nu dipiboga ku alam supaya tetep lumampah sakumaha kuduna. “Tugas urang sararéa, tugas manusa: ngajaga kesaimbangan alam,” ceuk Abah Ugi.

Anu perlu diperhatikeun deui, ceuk Abah Ugi, alam jeung eusina lain nu manusa, tapi anu Mahakawasa. Manusa mah teu ngaboga-boga, ukur nempatan jeung ngamangpaatkeun. “Ku kituna sagala rupa nu dipilampah ku urang ka alam, kudu meunang widi heula ti Mantena. Di urang, di Sunda, apan aya paribasa mipit amit ngala  ménta,” pokna.

Ku ngéstokeun mipit amit ngala ménta, warga Kasepuhan Ciptagelar henteu hariwang jeung haringhang kudu dumuk di tutugan gunung, di lamping pasir, malah tempatna ogé mencil. Teu sieuneun lamping gunung atawa pasir urug. “Naha kudu sieun? Kami mah teu ngarusak alam, kami boga cecekelan keur ngajaga alam,” ceuk Abah Anom suwargi, bapana Abah Ugi.

Abah Ugi jeung sakumna warga kasepuhan Ciptagelar ngaharepkeun anu geus dilakukeun ku Prabu Wastukancana dina ngajaga kasaimbangan alam diteruskeun ku entragan kiwari jeung entragan saterusna. Cai, cahaya, angin, langit, jeung bumi kudu tetep ngarasa tengtrem. Kudu kitu téh, sakumaha nu ditulis dina Prasasti Kawali sangkan urang Langgeng jaya di Buana.***

 

Kang Priatna

Kang Priatna adalah Penulis yang banyak menulis dengan bahasa Sunda.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

%d bloggers like this: