UNAK-ANIK NYADAP TANGKAL KAWUNG

talang kawung. gambar diambil dari google image

… Gundal gandul, cai ngalintung di manggung ngumpulkeun cai ti sagara kulon, ti sagara wétan, ti sagara kalér, ti sagara kidul kumpul ka dieu ngalintung di manggung….

Eta téh parancah nu digalantangkeun ku tukang sadap waktu keur miara gagang kembang caruluk (di Priangan mah disebut leungeun kawung). Gagang kembang carulukna diayun-ayunkeun (digandul-gandul) ka katuhu jeung ka kénca. Sabada dikitu-kitu meunang sabaraha poé, gagang kembang caruluk diteukteuk, nu ngari ukur 30 séntian, carulukna mah teu disésakeun. Geus kitu puhu gagang caruluk téh ditinggur, ngarah eumeur, ngarah lahang (legénna) babari kaluar.

Waktu keur ninggur, paranti ninggurna biasana dijieun tina ruyung tunggul tangkal kawung mangrupa gegendir leutik, aya parancahanana. Parancahna téh kieu: Nyi Rangké … Ki Rangké… abdi badé nyandak susu Nyi Rangké, badé diolah keur pangabutuh kula. Bérés kitu kari masang lodong nu dijieunna tina awi bungbung, keur ngawadahan lahang nu nyakclakan tina gagang caruluk nu geus dipotong tea. Lodong digantina dua belas jam sakali, isuk-isuk jeung soré.

Nyadap  tangkal kawung mémang teu bisa sagawayah, rea unak-anikna. Samemeh nyadap, meuleum menyan heula, ditambah ku rupa-rupa sasajen sapertibubur beureum, bodas, surutu, jeung rupa-rupa sajabana. Saacan “dipiara” ogé kembang kawung téh kudu geus manjing disadap.  Lamun tacan manjing mangsa teu meunang maksakeun nyadap, hasilna matak nguciwakeun: lahangna saeutik atawa haseum waé, jeung gulana teu hadé.

Itungan nincak dina mangsa ditengetan tina carulukna.  Karék ligar atawa pentil kénéh ngora teuing. Carulukna kolot teuing ogé moal matak. Tangkal kawungna kudu diberesihan heula, ngaberesihan sarangsang kawungna, injuk jeung nu lianna.  Satutasna diberesihan, dipasang sigay, dijieun tina awi, maké titincakan tina awi nu dibeulahan. Jumlah titincakanana ogé teu sagawayah: kudu ganjil ulah jangkep. Lamun  dirempak sok aya akibatna, hasilna teu nyugemakeun.

Dina nyokot jeung masang deui lodong ogé sarua teu bisa dapon. Baju nu dipake ti mimiti miara gagang kembang caruluk tepi ka nyokotan lodong ulah diganti. Kudu baju éta-éta kénéh, malah mah ulah diseuseuh. Ilaharana mah bajuna warna hideung,  baju pangsi. Keur mawa lodong nu dieusian ku lahang, ti saprak jrut tina sigay tepi ka imah ulah rea cacarita. Aya nu nanya oge ceuk babasan mah cukup ku unggeuk jeung seuri.

Lahangna ogé ulah ditawar-tawarkeun ka nu séjén, boh ka nu amprok di jalan boh barang srog ka lembur.  Aya nu meuli tuluy dibéré, éta téh pantrangan pisan. Eta pantrangan mun dirempak, gawé capé salila nyadap  moal aya hasilna. Pikeun nu sok nyadap mah geus apal sabab sok kabuktian, seg aya nu nyebutkeun meuli tuluy dibéré téh, lahangna tara amis, kalan-kalan tangkal kawungna sok pundung tara caian deui.

Tangkal kawungna ogé kudu dijaga jeung diriksa, ulah digunasika atawa digadabah. Mun tangkal kawungna aya nu nakol, nakolna mah ku naon bae ngabalukarkeun hal sarua: lahangna saat atawa haseum. Nu matak ceuk tukang sadap mah, upama rék jeung keur disadap, tangkal kawung mah teu béda jeung parawan: kudu asak meuli-meulina atawa ngolona, bisi pundung, sarta hésé dilindeukan deui.

*

MEDAR  tangkal kawung, tangtu ngait kana lahang (legén), injuk, kolobot, sapu injuk, aci kawung, cangkaléng, jeung ruyung. Ti handap tepi ka pucuk kawung mibanda mangpaatna séwang-séwangan, bari jeung nu ngamangpaatkeunna lain saurang dua urang. Tangkal kawung bisa nyiptakeun sababaraha pacabakan keur sumber pangasilan.Tukang aci kawung, gula kawung, caruluk, injuk, roko kolobot, jeung tukang sapu nyere.

Anu usaha ngamangpaatkeun tangkal kawung henteu kabéh dipigawé. Tukang ngala injuk tara ngarangkep jadi tukang caruluk, gula kawung, atawa tukang sapu nyere. Tukang injuk tetep tukang injuk, nu diteanganana oge tangtu injuk; tukang sadap tetep jadi tukang sadap, teu baru ngalaan caruluk. Tukang injuk geus ngalaan injukna tara pirajeunan nyabak nu séjénna, upamana neukteuk hanggoran (gagang) caruluk atawa ngeplas palapahna.

Mangsana keur ngamangpaatkeunana henteu pacorok, sok aya mangsa sewang-sewangan. Bulan Sapar upamana bagean tukang injuk, bulan sejenna tukang sapu nyere jeung saterusna. Tukang caruluk jeung tukang lahang tacan kabéjakeun silihherengan, padahal duanana mibanda patokan séwang-séwangan. Tukang caruluk ngala carulukna nu geus kolot, ari tukang lahang motong gagang carulukna mangsa carulukna ngora kénéh pisan.

Salian ti diala lahangna nu terus dijieun gula beureum, bagbagan tangkal kawung  kabéh ogé bisa dimangpaatkeun. Harupatna bisa dijadikeun pupur (wedak): harupat dibeuleum tuluy diarah lebuna, lebuna téh warnana bodas, dipaké pupur ngalantarkeun pipi jadi limit beresih. Injuk jeung nyéréna dijieun sapu, carulukna dijieun cangkaléng nu ngandung loba serat. Palapah daun kawungna bisa dipake keur nyingsieunan séro nu sok ngahakanan lauk di balong.

Tangkal kawungna dituar, aci kawung bisa dijieun rupa-rupa kadaharan. Pikeun ngala acina, tangkal kawung dibeulah, bagéan jerona ditinggur, diala caina. Ari ruyungna  bisa dipaké gagang pacul, gagang kampak, mutu, coét, talenan, jeung barang karajinan séjénna. Malah akar tangkal kawung ceuk béja mah bisa dipaké ubar tradisional. Kawul nu ngalapis palapah daun kawung lebah puhuna, baheula mah bisa dipaké keur ngahasilkeun seuneu. Daun nu ngorana dijieun kolobot, paranti ngalinting bako, ududeun.

Hanjakalna tangkal kawung di Tatar Sunda beuki ngurangan waé. Anu jadi musababna: melak tangkal kawung dipasrahkeun ka careuh nu sok ngahakanan caruluk. Ku careuh caruluk nu cangkangna geus asak diteleg kabéh, ngan anu dicerna ku peujitna mah ukur cangkangna. Ari sikina mah dikaluarkeun, bareng jeung taina. Tah, siki caruluk jaradina téh di tempat ngisingna careuh. Nu matak tangkal kawung jaradina di tempat-tempat anu barala, anu tara kasaba ku jalma, di gawir, di léngkob, jeung sajabana.***

Kang Priatna

Kang Priatna adalah Penulis yang banyak menulis dengan bahasa Sunda.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

%d bloggers like this: