KARANG NINI, TANDA CINTA SAJATI

dokumentasi pribadi

MEMEH urang anjog ka basisir Pangandaran mun holna ti kalér, ti Kota Banjar,urang manggih heula basisir nu dingaranan Karang Nini. Kencaeun jalan, ngan anggangna kurang leuwih dua satengah kilométeran. Basisirna teu kaciri. Jalanna jalan Perhutani, ngaliwatan leuweung nu kawilang geledegan kénéh. Paroék jeung harieum sarta loba tangkal sawa walanda.

Jalanna pungkal-péngkol marites jeung mudun, boh mawa mobil boh mawa motor kudu ati-ati.  Sisi kéncana tatangkalan baradag jeung rungkun saliara. Basisir Karang Nini lebakeun jalan. Mobil henteu bisa ka biwir basisir, henteu kawas di Pangandaran, tapi diparkir di tonggoheun. Mun urang rék ulin di sisi basisir, kudu turun heula.

Basisir Karang Nini kawilang weuteuh kénéh tacan aya bangunan hotel, jeung panginepan. Ukur warung makan, jeung home stay bogana Perhutani. Tumaninah mun rék ulin di basisir téh, ngan lambakna mah angger waé badag, kawas umumna laut kidul. Ari keur pasang surut mah urang bisa naék kana karang nu ngajungkiring, bisa selfie.

Di Karang Nini ogé aya sababaraha guha, nu leutik jeung nu gedé, lawang guhana nyanghareup ka laut. Ngan lawang guhana teu pati jarangkung, mun rék asup ka jero guha kudu dongko. Di jerona  paroék. Loba nu sok ngadon tapa di dinya, peuting ukur dibaturan cahaya lilin, séahna jeung ngalegurna ombak. Matak muringkak nu borangan.

dokumentasi pribadi

Tonggoheun guha, rada jauh, masih kénéh di leuweung Perhutani aya sumber cinyusu nu dikaramatkeun, sok dipaké marandi, paling henteu dipaké mandi. Teu jauh di dinya aya dua makam nu disaungan. Di ieu makam mun malem Jumaah, babakuna malem Jumaah kaliwon sok loba nu ngadon mujasmedi, meuleum meunyan, jeung nyadiakeun sasajén.

Dingaranan Karang Nini, aya sasakalana. Kieu sasakalana téh: Jaman baheula, di pilemburan nu teu jauh ti Karang Nini ayeuna nu ngaranna Lembur  Semplak, hirup salaki pamajikan nu geus aki-aki jeung nini-nini, duana kaceluk sakti. Ngaranna téh nini-ninina, Ambu Kolot, ari aki-akina, Arga Piara. Teu boga budak, gabug. Nu matak di imahna ti barang kawin ogé duaan waé.

Karesep Si Aki téh nguseup di laut nu teu jauh ti imahna. Unggal poé, ti isuk-isuk tepi ka burit Si Aki aya di laut. Mun cai laut keur surut, keur pasang surut, isuk-isuk tepi ka beurang nguseupna rada béh tengah, mun cai lautna geus pasang, ti beurang tepi ka burit, nguseupna di sisi basisir. Tara maké parahu nguseupna téh, saaaya-aya di sisi basisir.

dokumentasi pribadi

Beubeunanganana teu tangtu, sakapeung meunang loba sakapeung deui meunang saeutik. Laukna dibawa ka imah, dibikeun ka Si Nini, sina diasakan, keur deungeun sangu, sésana dijieun lauk asin, dikulub terus dipoé. Sakapeung mun tatanggana barutuheun lauk asinna téh sok dijual, ku cara ditukeurkeun jeung barang kaperluan séjén.

Sakali mangsa, Si Aki saperti biasana rebun-rebun kénéh indit ka laut, rék ngusep. Mawa jeujeur jeung korang, tambah deui timbel, keur bekel, didudukuy, ngarah teu kapanasan. Ari Si Nini sanggeus Si Aki miang sagawé-gawé, moé-moékeun lauk asin, sasapu, ngala suluh, kukumbah jeung sajabana, sakumaha ilaharna wanoja nu geus rumah tangga.

Biasana, méméh sareupna ogé Si Aki geus balik bari mawa lauk meunang nguseup. Harita mah  poé geus maju ka peuting, Si Aki tacan ngurunyung waé. Puguh waé Si Nini téh meulangeun, hariwangeun Si Aki cilaka. Si Nini teu genah cicing, kawas hayam keur kumahkar, gawéna kaluar asup imah. Tatanggana ogé nyarahoeun Si Aki tacan balik.

Dibaturan ku tatanggana, Si Nini terus indit ka basisir, réak néangan salakina. Si Nini jeung tatanggana marawa obor tina baralak. Si Nini leumpang mapay-mapay sisi basisir néangan Si Aki bari gegeroan, awor jeung séahna ombak. Kitu deui tatanggana, nyalukeun Si Aki.  Tapi Si Aki weléh teu kapanggih, teu kadéngé némbalan-némbalan acan.

Alatan geus peuting, tatanggana mah baralik bari jangji isukan rék mantuan néangan Si Aki. Si Nini mah teu milu balik. Si Nini terus menekung, neneda sangkan meunang ilapat  ngeunaan nasib Si Aki. Teu lila, di sisi basisir mucunghul batu karang nu terus ngajungkiring. Ceuk sora kadéngé ku Si Nini, éta batu karang téh jelmaan Si Aki.

Si Nini henteu terus balik, tapi kalah ka mujasmédi deui.  Awahing ku cinta ka Si Aki, Si Nini neneda sangkan salilana teu jauh jeung Si Aki. Paneda Si Nini dikabulkeun. Si Nini ahirna ngawujud jadi batu karang, teu jauh ti batu karang jelmaan Si Aki. Batu jelmaan Si Aki saterusna katelah Balé Kambang, cenah mun urang nangtung di dinya asa kaombang-ambing.

Batu jelmaan Si Nini katelah ku sebutan Karang Nini, ngajegir nangtung jeung badag. Baréto mah aya sirahan batu Karang Nini téh, nyanghareup ka laut, ka lebah Balé Kambang. Ngan taun 1919, sirah Karang Nini potong kasamber gelap (petir. Waktu tsunami narajang basisir kalér Pulo Jawa, potong deui kasabet lambak nu badag.

dokumentasi pribadi

Ceuk vérsi séjén, pangna basisir bieu dingaranan Karang Nini lantaran di dinya, di lebah karang nu disebut-sebut jelmaan Nini Ambu Kolot baheulana aya nini-nini nu labuh tepi ka maotna. Teu kacaturkeun saha éta ngaran-ngaran nini-ninina téh. Ku sabab tadina basisir tacan dingaranan, ku masarakat basisir bieu  saterusna dingaranan Karang Nini.***

Kang Priatna

Kang Priatna adalah Penulis yang banyak menulis dengan bahasa Sunda.

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

%d bloggers like this: