URANG SUNDA NU NYUNDA

http://sunandoank.blogspot.co.id

Harti kecap sunda saenyana kacida luhungna: cahya, caang, bengras, bodas, putih, atawa beresih. Ma’na kecap sunda lain ukur dilisankeun, lain seungit samet biwir wungkul, tapi kudu dilenyepan, diteuleuman, sarta ditémbongkeun dina tékad, ucap, jeung lampah. Urang Sunda nu nyunda tangtu miboga pikiran nu dicaangan ku élmu jeung haté nu beresih tepi ka laku lampahna taya cawadeun, handap asor, hadé semu, soméah, paromanana bear marahmay.

 

Urang Sunda nu nyunda ngutamakeun melak kahadéan, lain ukur ka papada jalma tapi ka papada mahluk ciptaan Mantenna. Turut tumut kana papagon sepuh, hormat taat kana papagah guru. Akur sadudulur jeung batur salembur, héman ka sasama, sabangsa jeung sanagara. Paheuyeuk-heuyeuk sabilulungan salawasna sauyunan. Resep nulung ka nu butuh, tukang nalang ka nu susah. Ieu luyu jeung cecekelan urang Sunda: silih asah,silih asih jeung silih asuh.

 

Dina hirup kumbuh, urang Sunda, nalika nyanghareupan sagalarupa perkara atawa pasualan tangtu dibadamikeun, dirempugragemkeun jeung dulur atawa jeung jalma nu dipikolot, jauh tina pabéntar paham jeung pacéngkadan. Apan aya babasan caina hérang, laukna beunang. Pasualan bisa diréngsékeun kalayan bérés roés bari henteu ngabalukarkeun pasualan anyar, henteu ngabeungkahkeun, malah beuki ngaraketkeun duduluran.

 

Urang Sunda nu nyunda miboga tetegenan (tina kecap tegen hartina haté, tetegenan hartina pageuh dina haté) enggoning nyekel kayakinan dina kahadéan. Kuat dina nyekel pamadegan sapanjang yakin bener, luyu jeung babasan teu unggut kalinduan, teu gedag kaanginan. Najan kitu, urang Sunda mah tara maksakeun pamadeganana ka nu séjén, tapi narékahan nu séjén sadar naon ditepikeun ku urang téh henteu nyalahan.

 

Dina ngahasilkeun kaputusan aya kasaimbangan dina cara ngolah rasa (hati nurani) jeung ngolah pikir (rasionalitas). Jéntré pisan dina paribasa sing katepi ku ati, sing kahontal ku akal. Kaputusan nu dianggap panghadéna jeung rarancang lampah ka hareupna nu dianggap pangbenerna. Soal ieu ogé aya babasan dibeuweung diutahkeun ‘meunang mikir bulak-balik’, sing asak-asak ngéjo bisi tutung tambagana ‘sing asak-asak nénjo bisi kaduhung jagana’.

 

Urang Sunda nu nyunda mibanda rasa hormat tur ajén nu gede lain ukur ka papada jalma, tapi kana sagala nu parantos di ciptakeun ku Nu Mahakawasa nu nyundang kana kahirupan jalma. Unggal nu dianggap penting pikeun kahirupan, urang Sunda mibanda tetekon kumaha tata cara ngajénna. Ajaran adiluhung nu pinuh ku siloka jeung ma’na nu jero ieu diébréhkeun di antarana dina ritual-ritual nu masih kénéh maneuh digelar di kampung adat.

 

Salasahiji contona dina mangsa usum panén sok diayakeun upacara adat Sérén Taun, upamana di Kampung Adat Ciptagelar di Sukabumi. Patani galumbira, neundeun hasil panén na kana leuit. Pocongan paré ditanggung maké réngkong, diarak sapanjang jalan ku dogdog lojor tuluy dipasieup ku angklung buncis. Sakumna warga ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, tungkeb ngahiji nyakséni upacara adat Sérén Taun.

 

Upacara adat Sérén Taun ngagambarkeun rasa sukur ka Gusti nu Mahasuci wiréh Mantenna parantos maparin mangjuta kani’matan kaasup hasil bumi bekel pikeun kalangsungan hirup umat manusa. Dina Sérén Taun témbong budaya Sunda pinuh ku ajaran kahadéan, geus diatur tata-titi ka papada jalma, cara ngajénan alam nu nyadiakeun sakabéh kabutuhan hirup umat manusa, budaya Sunda ogé teu leupas tina papagon agama Islam nu diagem ku urang Sunda.

 

Ajén budaya téh konsép nu hirup dina alam pikiran masarakat nu tuluy dijieun patokan jeung tetekon dina enggoning ngajalankeun kahirupan. Sanajan kitu, luyu jeung peradaban nu terus mekar, budaya bisa robah, salasahiji nu jadi sababna asupna pangaruh modernisasi. Saeutik-saeutik budaya urang kasilih ku junti kareumpak ku pajamanan ti tatar Kulon. Urang teu bisa mundur najan sajengkal, teu bisa ingkah najan saléngkah tina jaman globalisasi.

 

Ti sagédéngeun tina pangaruh luar, pangaruh ti jero ogé bisa ngarobah malah ngaleungitkeun hiji kabudayaan. Contona nalika masarakatna geus teu ngajén tur teu boga rasa mibanda deui kana budayana sorangan. Konsép kasundaan kanyataanana geus kaured, babakuna dina jihad pisik. Urang teu bisa maksakeun manéh ngalarapkeun konsép kasundaan asli kawas jaman baheula ka paranonoman Sunda jaman ayeuna.

 

Lebah dieu naha aya syarat minimal supaya bisa nyunda? Aya. Salila urang Sunda ngaku jeung maké kénéh basa Sunda dina kahirupan sapopoéna. Tangtu waé maké basa Sundana dina tempat jeung waktu anu pas jeung luyu kana kaayanana. Tah ku pajamanan ayeuna mah sakitu ogé geus dianggap cukup jadi syarat minimal urang bisa kagolongkeun nyunda. Ari  saenyana kudu nyunda sagemblengna, lain ukur dina basa, babakuna dina tékad, ucap jeung lampah.

 

Patali jeung ngamumulé budaya, kulawarga  mibanda pancén nu pangstrategisna dina ngawanohkeun jeung ngabiasakeun hirup dina kasundaan ka entragan ngora. Kulawarga kudu gawé baréng rancagé jeung lingkungan sabudeureunana. Pamaréntahan nu mibanda kawijakan kudu narékah sangkan budaya Sunda tetep nanjeur. Leungit basa ilang budaya, ilang budaya bakal leungit hiji bangsa, mun geus leungit hiji bangsa tangtu bakal ilang peradaban.

Neneng Meliyani

Guru di SDN 3 Nagrak Sukabumi

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

%d bloggers like this: