MIARA BASA DAÉRAH, RÉK IRAHA DEUI?

http://wbwhitebishop.blogspot.co.id

“Leungit basa ilang budaya, ilang budaya bakal leungit hiji bangsa, mun geus leungit hiji bangsa bakal ilang peradaban” (Nénéng Meliyani, 2017) Kalimah bieu dicutat tina salasahiji tulisan ‘pegiat budaya baca’ di Jawa Barat nu dimuat dina jabaraca.com. Mun dibaca saliwat mah, éta kalimah ukur papaés lead berita, saeutik hartina.

Béda deui lamun dibacana teleb tur dilenyepan, tétéla ngandung harti nu jero. Lain saukur papaés, tapi jadi pépéling ka urang Indonesia nu mibanda rupa-rupa basa jeung budaya. Kalimah bieu bisa ngajurung urang sangkan milu aub dina ngamumulé jeung mekarkeun basa daérah nu teu bisa dipisahkeun jeung budaya lantaran basa jeung budaya téh lir gula jeung amisna.

Urang perlu miara budaya sorangan. Ti mimiti budaya ngalahirkeun orok tug nepi ka budaya ngurebkeun layon. Ti mimiti ngajarkeun maca nepi ka ngajarkeun nulis ka anak incu. Teu kaitung réana budaya séjéna nu gedé patalina jeung kahirupan urang. Utamana dina ngaraksa basa nu jadi salah sahiji unsur penting ayana budaya hiji bangsa.

Kecap ‘basa’ dina Kamus Basa Sunda R.A. Danadibrata (2006) hartina omongan sapopoé tiap-tiap bangsa. Bangsa hartina: golongan jelema nu salemah cai. Antara bangsa jeung basa dalit pisan, teu bisa dipukahkeun. Bangsa Sunda maké basa Sunda. Bangsa Jawa make basa Jawa. Bangsa Batak make basa Batak. Kitu deui bangsa nu séjéna.

Basa jeung bangsa ngajanggélék jadi budaya. Basa téh cicirén hiji bangsa. Ku kituna miara basa sarua jeung miara bangsa. Miara bangsa sarua jeung ngamumulé hiji kabudayaan hasil tanaga, pikiran, jeung rasa padumuk di hiji daerah. Sigana ieu nu jadi kahariwang Téh Nénéng, urang katempona poho kana miara basa daérah.

Kahariwang Téh Nénéng tangtu kahariwang urang saréréa nu ngaku urang Sunda. Dina hal ieu dina Kongres Bahasa Sunda kasapuluh nu digelar ku Pamaretah Provinsi Jawa Barat di Kuningan, Kepala Dinas Pariwisata jeung Kabudayaan (Disparbud) Jawa Barat, nétélakeun pihakna baris merenahkeun basa jeung sastra Sunda di balaréa.

Basa Sunda kudu jadi basa sapopoé urang Sunda. Kudu dilarapkeun ku nu sakur dumuk di tatar Sunda. Nu lain urang Sunda ogé mibanda kawajiban maké basa Sunda dina hirup kumbuh. Komo deui geus medal  Peraturan Daerah (Perda) No. 14 taun 2014 ngeunaan Perubahan Perda No 5 taun 2003 ngeunaan Pemeliharan Bahasa dan Aksara Daerah.

Tangtu waé ieu perda jeung patékadan Kepala Disbudpar Jabar perlu dirojong ku urang saréréa.  Ti mimiti gubernur nepi ka kapala désa kudu ngabuktikeun dirina bener-bener micinta kana basa daérah. Ulah saukur dina lalambé wungkul tapi sanggeus pok téh kudu pék, jeung prak. Kudu puguh ujaning lakuna, kudu puguh hasilna.

Dina lebah ngaraksa jeung mekarkeun basa Sunda, Jawa Barat geus mibanda Lembaga Bahasa dan Sastra Sunda (LBSS) nu geus ngagelar sababaraha kali kongres basa Sunda. Ti mimiti kongrés munggaran taun 1954 di Bandung tepi ka kongrés kasapuluh taun 2016 di Kuningan. Salin ti kongrés, LBSS loba pisan ketakna dina ngamumulé basa jeung sastra Sunda.

Dina miara basa daérah kudu dimimitian ti kulawarga. Ti mimiti anak, pamajikan, salaki, jeung batur saimah boga kawajiban nyarita ku basa Sunda. Ulah ngan sawaktu-waktu wugkul, tapi kudu dilarapkeun dina kahirupan sapopoé. Saha deui nu rék miara basa sorangan lamun lain ku urang sorangan.

Ulah témbong gelor ceuk babasan mah.

Geuning bangsa deungeun mah ngarasa genah jeung reueus pisan maké basa nu dipibanda ku séké sélérna téh. Sanajan urang henteu atawa kurang mahér kana basana, lamun nganjang ka nagarana urang dipaksa kudu maké basa maranehana. Urang téh méméh nganjang daék teu daék kudu diajar heula basa maranéhna, sakecap dua kecap mah. Naha atuh urang teu bisa kitu?

Palebah dieu, hayu urang ronjatkeun pangabisa urang dina ngagunakeun basa basa Sunda, boh dina kahirupan sapopoé boh di lingkungan pagawéan. Ulah éra maké basa Sunda, ulah ngarasa géngsi maké basa Sunda, ulah ngarasa handap pédah maké basa, da geuning ti baheula tepi ka ayeuna bangsa deungeun mah merhatikeun pisan basa Sunda.

Dina kamusna, R.A. Danadibrata nyatet paguneman anjeunna jeung pamanna: ”Ku naon nya Lo, nu jadi adpiseur ka Inlander, adpiseur bagbagan agama Islam, adpiseur basa Sunda, Malayu, jeung Jawa, malah nu nyieun kamus basa Sunda gé ngan urang Walanda wungkul, sedeng manehna dijurukeun jeung dilahirkeun di nagrina”.

Lain guneman biasa, tapi karasa kana rasa. Lain ajakan nu biasa, tapi nu ngajak kana raga. Ieu hiji cameti keur sakumna urang Sunda, keur sakumna nu dumuk di tatar Sunda, jeung keur nu ngarasa jadi urang Sunda. Urang sakabéh kudu satékah polah narékahan sangkan basa Sunda ngajomantara. Hayu dimimitian ti ayeuna! Cag.***

Abdul Holik

Pengelola TBM Arjasari Kabupaten Bandung

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

%d bloggers like this: