BASA INDUNG BEUNGHAR KU AJÉN, JEMBAR ATIKANNA

www.femina.co.id

Basa téh salah sahiji alat pikeun komunikasi dina hirup kumbuh sapopoé, boh di kulawarga, di masarakat, boh di lingkungan sosial nu leuwih lega ambahana. Basa ceuk para ahli ngagambarkeun budaya nu ngagunakeunana. Unggal sélér bangsa mibanda basana sorangan. Bangsa nu budayana maju ngajaulkeun basana, dipikawanoh ku sélér bangsa lianna, upamana waé basa Inggris nu geus dijadikeun basa internasional.

 

Nagara urang beunghar ku basa daérah alatan nagara urang diwengku rupa-rupa sélér bangsa nu mibanda budaya nu mandiri. Basa teu bisa dipisahkeun tina pola masarakat jeung kabiasaanana. Urang Sunda, urang Jawa, urang Batak, urang Lampung, urang Banjar nu mibanda basa étnis séwang-séwangan henteu sarua dina lebah budayana, babakuna dina adat-istiadat, kasenian, sikep hirup, méntal, karakter jeung sajabana.

 

Tong boro di sélér bangsa, dalah di hiji sélér bangsa ogé basa jeung pola masarakatna téh sok aya nu béda. Basa Sunda, contona, loba kekecapan nu jadi ciri has hiji wewengkon. Istilah sanggeus henteu hujan, apan aya nu nyebut raat, root, jeung orot. Ieu téh kabeungharan basa anu wajib dimumulé ku masarakat. Di Ciamis, upamana, keur nyebut barang hampang tina sééng atawa almunium nu ragrag disebutna téh pakgombrang.

 

Saenyana nimiti bralna manusa ka alam dunya nu geus dicatet titimangsana, geus katulis mangrébu-rébu taun di Lauhul Mahfudz, geus miboga basana sorangan nu sarua: géstur, upamana mun halabhab, lapar, tandabna ceurik, jeung sajabana. Dina fase ieu indung atawa kolot biasana mibanda basa komunikasi husus jeung orokna, sarta bareng jeung kamekaran orok, indung atawa kolot ngajarkeun basa keur komunikasi.

 

Basa anu mimiti diajarkeun indung ka budakna katelah basa indung. Kamus Besar Bahasa Indonesia (KBBI) basa indung téh basa munggaran anu dipimilik manusa ti mimiti lahir ka alam dunya ku cara interaksi jeung manusa sejenna. Eta sababna basa indung saenyana henteu kawates ku basa daerah atawa basa Indung-bapana. Di urang basa indung idéntik jeung basa daérah atawa basa indung sarua jeung basa daérah, basa nu dipibanda ku hiji sélér bangsa.

 

Basa indung atawa basa daérah penting dimumule, tur dipikareueus, dipaké, digunakeun dina kahirupan sapopoé, ulah tepi ka ditinggalkeun, jeung ulah ngarasa “géngsi” make basa daérag. Basa indung téh titincakan urang dina komunikasi, boh jeung sasamana, jeung mahluk séjén boh jeung Nu Mahakawasa. Tina hasi ieu komunikasi ngahasilkeun karsa jeung karya manusa anu disebut kabudayaan.

 

Tina kabudayaan satuluyna ngabentuk nu disebut peradaban. Bisa disebutkeun basa indung, basa daérah téh gedé pangaruhna kana peradaban. Di dieu jelas kumaha pentingna basa indung nu beunghar ku ajén-inajén, palsapah, papagon jeung tetekon, di antarana ditémbongkeun dina babasan jeung paribasa sarta kabéh ogé ngandung atikan. Anu matak basa daérah, basa indung ulah tepi ka punah, ngarah kabudayaan di nagara terus ngélébét.

Iis Lestari

penulis dari Bandung

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

%d bloggers like this: