SASAKALA KALONG

commons.wikimedia.org

Dicutat tina Buku Sasakala Kalong, anu disusun ku Euis susilawati

Di hiji leuweung geledegan nu arang kasaba ku jalma, hirup sasatoan anu bisa hiber jeung sasatoan anu teu bisa hiber. Tadina mah hirupna téh alakur, tara paraséa, parebut kadaharan upamana. Ngan duka kumaha mimitina ujug-ujug aya nu ngaharéwos ka manuk heulang nu ngabéjaan sasatoan nu bisa hiber luhur darajatna batan sato nu teu bisa hiber.

Heulang jeung sasatoan nu bisa hiber séjénna, kaasup piit manuk nu pangleutikna jadi gedé hulu, jeung nganggap hina ka sato nu teu bisa hiber. Kawas nu dikomando, hiji mangsa sasatoan anu bisa hiber ngumpul di awang-awang, bari ngagorowok nyebutkeun ti saprak diciptakeun ku Déwa, sato anu bisa ngapung teh sato anu pangmulyana tibatan sato anu teu bisa ngapung.

Ngadéngé omongan sato nu bisa hiber kitu, maung gentak ngajak sato lainna anu teu bisa hiber unggah ka ponclot pasir pikeun ngadeukeutan jeung nyampeurkeun sasatoan anu keur jongjon kakalayangan.

“Naha kaula sato nu teu bisa hiber kudu ngahormat ka aranjeun sato anu bisa ngapung? Geus jelas kuring tèh anu kawasa dina ieu leuweung” ceuk maung satengah nyorowok sanggeus tepi ka ponclot pasir.

“Lantaranana mah kami anu bisa ngapung leuwih mulya tibatan maraneh sato  anu ngan bisa ngorondang, teu bisa hiber,” tèmbal salahsahiji manuk.

“Kaula henteu siga aranjeun anu ngan bisa hiber tapi ngahakan kadaharan anu aya di darat. Kaula lain bangsa anu karedul,” ceuk sakadang peucang nambalang.

“Enya aranjeun téh tukang kebonna, kami bangsa anu bisa ngapung  nu ngalana,” ceuk manuk piit

Sabada paréa-réa omong, sato anu bisa ngapung jeung sato nu teu bisa ngapung tuluy perang, silih bégalan pati. Perangna lumangsung mangtaun-taun lantaran taya nu éléh jeung taya nu meunang.

*

Saperti biasana, kalong eunteup dina akar tatangkalan di jero guha, tuluy nutupkeun jangjangna kana awak. Manuk piit anu nempo kalakuan kalong nyampeurkeun, dituturkeun ku manuk heulang.

“He Kalong, naha maneh henteu milu perang ngalawan sato nu teu bisa ngapung?” ceuk manuk piit anu sagedé indung suku téh.

“Kuring capè, hayang reureuh heula,” tembal kalong bari henteu mukakeun jangjangna anu nutupan beungeutna.

“Maneh  sombong, Kalong, nembal bari angger nutupan beungeut,” ceuk manuk piit.

“Kuring curiga ka maneh Kalong. Maneh henteu siga kami bangsa manuk,”  ceuk heulang mairan.

“Pan katénjo ku arilaing kuring boga jangjang, sarua jeung ilaing. Kuring oge milu perang ngalawan maung jeung balad-baladna,” tembal kalong rada nyeuneu.

“Tapi manèh bèda, Kalong. Kuring kungsi nèwak beurit. Buluna sarua jeung manèh, ceulina sarua, ogè monyongna sarua. Boa manèh teh beurit,” ceuk heulang nyusul tepus.

Manuk piit ngadeukeutan kalong, tuluy macokan suku kalong anu keur ngagantung dina akar nu napel dina lalangit guha. Dipacokan sukuna ku piit, kalong mukakeun jangjangna tuluy hiber ngajauhan guha.

Manuk piit jeung heulang ogé terus hiber, ngudang kalong.

Kalong anu ngarasa dibeberik ku heulang jeung piit,  hiberna beuki gancang, tepi ka ajog ka hiji guha deui, di dinya manehna nyumput.

Manuk piit jeung heulang gancang asup ka guha, ngan di jero guha téh poék, teu katempo nanaon. Kalong nu keur nyumput ogé teu katempoeun. Manuk piit jeung heulang ahirna baralik deui, bari nyupata kalong ti serek harita jadi musuh sato anu bisa hiber.

Sabot kalong keur ngahép-hép, ujug-ujug aya nu ngaharéwos kana ceulina.

“Kalong…. Kalong….”

Kalong saenyana apaleun kana eta sora, ngan teu bisa mastikeun ku lantaran poék téa.

“Saha manèh?”  ceuk kalong

“Maenya  teu apal ka kuring? Kaula Oray,” témbal oray, manéhna téh oray kobra nu peurahna matih pisan.

“Naha maneh aya di dieu?” kalong nanya.

“Kaula meunang tugas ngawaskeun jero guha, bisi aya sato hiber nu nyumput di dieu,” jawab oray kobra.“ Anjeun aya di pihak saha, Kalong?”

Puguh waé kalong ngarénjag. Sadar lamun manehna balaka sabangsa jeung sato anu bisa hiber, tangtu bakal dipaéhan ku oray kobra.

“Naha nanya kitu? Geus jelas kuring aya di pihak sato nu teu bisa hiber. Bulu kuring, ceuli kuring, beungeut kuring sarua jeung beurit. Kuring téh turunan beurit, ” tembal Kalong

“Kaula masih can percaya, buktina anjeun boga jangjang tur bisa hiber,” tembal oray kobra.

“Jangjang kuring lain keur hiber, tapi keur simbut mun kuring rèk sarè. Kabeneran waé bisa dipaké hiber. Kuring ogé milu merangan ka sato anu bisa hiber,”  ceuk kalong.

“Bener tatéh?” oray kobra masih kénéh cangcaya.

“Di luar guha aya ajag anu keur ngaronda leuweung, leubeut pangalamanana jeung seukeut ambeuna. Ajag bisa ngabuktikeun kuring aya di pihak sato  nu teu bisa hiber. Hayu urang kaluar guha, Oray! Urang tepungan ajag,” ceuk kalong deui.

Kalong apaleun pisan ajag téh sato anu galak jeung gangas. Mun kapanggih ku ajag sarta ajag nyahoeun dirina sabangsaning sato hiber, tangtu bakal cilaka, bakal diudag tepi ka mana waé ogé. Eta sababna,  waktu kaluar ti lawang guha, kalong langsung hiber luhur pisan.  Kadengè  oray kobra gogorowokan, ambekkeun pédah diléjokeun.

Ti harita, kalong jadi sarwa salah jeung hirupna teu jongjon lantaran dimusuhan ku sato anu bisa hiber,  jeung dimusuhan ku sato  nu teu bisa hiber.  Kalong jadi teu wanieun hiber ti beurang, ngeuncarna ukur ti peuting mangsa sato nu bisa hiber jeung sato nu teu bisa hiber keur hareés. Ti beurang kalong nyumput di tempat anu paroék. Tepi kiwari kituna téh.***

Iis Lestari

penulis dari Bandung

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

%d bloggers like this: